Kamis, 24 September 2009

Sasakala Ganung Tangkuban Parahu

Kocap di Karaton Sunda Wibawa aya Putri anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, kakasihna Nyai Putri Dayang Sumbi. Ieu Putri Sekar Karaton Sunda Wibawa teh kacatur rea pisan kabisana dina harti maher metakeun kabinangkitan istri, kayaning masak, ngabordel, ninun jeung sabangsana. Tapi nu pangnyongcolangna mah nyaeta ninun.
Kamaheran Nyai Putri Dayang Sumbi dina perkara ninun geus jadi sabiwir hiji. Atuh puguh kituna teh jadi kareueus Sang Maha Raja. Eta lantaranana Sang Maha Raja ngadegkeun panggung jangkung di alun-alun pigeusaneun tempat Nyai Putri Dayang Sumbi ninun. Nya kitu, ti poe ka poe, ti minggu ka minggu, jeung saterusna Nyai Putri Dayang Sumbi damelna ngan ninun jeung ninun bae.

Salengkepna